![]() |
| Foto Mang Koko |
Atikan manéhna dimimitian ti sakola HIS dina taun 1932 nepi ka MULO Pasundan taun 1935. Sanggeus éta manéhna ngamimitian gawé dina taun 1937 di sawatara tempat, di antarana di Balé Pamulang Pasundan, Paguyuban Pasundan, De
Javasche Bank, Surat Kabar Harian Cahaya, Harian Suara Merdeka,
Jawatan Penerangan Provinsi Jawa Barat, guru anu satuluyna jadi Direktur
Konservatori Karawitan Bandung (1961-1973) jeung Dosen Luar Biasa di
Akademi Seni Tari Indonesia (ASTI) Bandung (ayeuna dipikawanoh minangka
Sekolah Tinggi Seni Indonesia Bandung).
Bakat
senina ngocor ti bapana anu kacatet minangka juru ngawih Ciawian jeung Cianjuran.
Ti sabot manéhna leutik kénéh ogé manéhna geus wanoh kana sawatara alat
musik saperti Suling, Gitar jeung Biola anu dipiboga ku bapana. Manéhna
ogé diajar ti sawatara seniman sunda anu kasohor di antarana manéhna kungsi
diwuruk ku Raden Machjar Angga
Koesoemadinata (salah
sahiji ahli musik).
Mang
koko dipikanyaho minangka panaratas dina nangtungkeun mangrupa-rupa pakumpulan
kasenian, di antarana: Jenaka Sunda "Kaca Indihiang" (1946),
"Taman Murangkalih" (1948), "Taman Cangkurileung" (1950),
"Taman Setiaputra" (1950), "Kliningan Ganda Mekar" (1950),
"Gamelan Mundinglaya" (1951), jeung "Taman Bincarung"
(1958).
Karya
cipta kawihna teu kawilang lobana anu dikumpulkeun dina buku-buku boh anu kungsi
diterbitkeun atawa anu masih mangrupa naskah-naskah, di antarana: "Resep
Mamaos" (Ganaco, 1948), "Cangkurileung" (3 jilid/MB, 1952),
"Ganda Mekar" (Taraté, 1970), jeung anu sajabana. Buku anu judulna Tjangkurileung/Cangkurileung,
dina taun 1959 dijadikeun ngaran yayasan anu ditangtungkeun ku Mang Koko pikeun
ngamekarkeun karawitan pikeun para pelajar, ti mimiti SD nepi ka SMTA.
Manéhna
nangtungkeun sakalian jadi pupuhu munggaran di "Yayasan
Cangkurileung" puseur,
anu cabang-cabangna sumebar di lingkungan sakola-sakola sakuliah Jawa Kulon.
Kacatet, geus aya 1.800 jalma anu narima sertifikat ti Yayasan Tjangkurileung
salila dékadeu 1960-1970. Tuluy manéhna nangtungkeun tur jadi pupuhu Yayasan Badan
Penyelenggara "Akademi Seni Karawitan Indonesia" (ASKI), Bandung
(1971). Jeung ogé manéhna kungsi nerbitkeun kalawarta kasenian "Swara Cangkur
ileung" (1970-1983).
Sajaba
dina kawih, karya-karya manéhna anu satuluyna ogé aya dina widang seni drama jeung gending karesmén. Di palebah dieu kacatet aya sababaraha, saperti:
"Gondang Pangwangunan", "Bapa Satar", "Aduh
Asih", "Samudra", "Gondang Samagaha", "Berekat
Katitih Mahal", "Sekar Catur", "Sempal Guyon",
"Saha?", "Ngatrok", "Kareta Api", "Istri
Tampikan", "Si Kabayan", "Si Kabayan jeung Raja
Jimbul", "Aki-Nini Balangantrang", "Pangeran
Jayakarta", "Nyai Dasimah".
Salila manéhna aya dina widang seni, upamana di antara taun 1950-1960, rata-rata
Mang Koko bisaeun nulis tilu kawih unggal mingguna. Kurang leuwih aya kana
1000 mamaos Sunda anu geus dijieun ku manéhna. Salah sahijina nyaéta kawih
Badminton nu diciptakeun dina taun 1943 anu kungsi kasohor, sumawona waktu
olahraga bulu tangkis keur jaya-jayana kénéh.
Mang
Koko narima loba pangajén, boh anu asalna ti pamaréntah, lembaga atawa
organisasi masarakat (LSM), saperti: Piagam Wijayakusumah (1971), minangka
pangajén pangluhurna ti pamaréntah puseur dina katégori "Sebagai
Pembaharu dalam Bidang Seni Karawitan".
Salila hirupna, Mang Koko téh katelah jalma anu soléh jeung soméah ka sasaha baé, manéhna teu kawilang gedé jasana pikeun seni jeung kabudayaan sunda ti mimiti manéhna lulus sakola nepi ka manéhna maot tanggal 4 Oktober 1985
dina umur 68 taun.

Tidak ada komentar:
Posting Komentar