Sabtu, 12 November 2022

Biografi Koko Koswara (Mang Koko) dalam Bahasa Sunda Loma


Foto Mang Koko
Foto Mang Koko
    Koko Koswara atawa mindeng disebut minangka Mang Koko, manéhna mangrupa salah sahiji seniman sunda anu teu kawilang loba karyana dina widang seni jeung budaya sunda. Manéhna lahir di Indihyang, Tasikmalaya dina tanggal 10 April 1917. Bapana masih kénéh katurunan Sultan Banten nyaéta Sultan Hasanuddin. Mang koko ogé kaasup jalma anu ta’at tur patuh kana ajaran Islam.

Atikan manéhna dimimitian ti sakola HIS dina taun 1932 nepi ka MULO Pasundan taun 1935. Sanggeus éta manéhna ngamimitian gawé dina taun 1937 di sawatara tempat, di antarana di Balé Pamulang Pasundan, Paguyuban Pasundan, De Javasche Bank, Surat Kabar Harian Cahaya, Harian Suara Merdeka, Jawatan Penerangan Provinsi Jawa Barat, guru anu satuluyna jadi Direktur Konservatori Karawitan Bandung (1961-1973) jeung Dosen Luar Biasa di Akademi Seni Tari Indonesia (ASTI) Bandung (ayeuna dipikawanoh minangka Sekolah Tinggi Seni Indonesia Bandung).

Bakat senina ngocor ti bapana anu kacatet minangka juru ngawih Ciawian jeung Cianjuran. Ti sabot manéhna leutik kénéh ogé manéhna geus wanoh kana sawatara alat musik saperti Suling, Gitar jeung Biola anu dipiboga ku bapana. Manéhna ogé diajar ti sawatara seniman sunda anu kasohor di antarana manéhna kungsi diwuruk ku Raden Machjar Angga Koesoemadinata (salah sahiji ahli musik).

Mang koko dipikanyaho minangka panaratas dina nangtungkeun mangrupa-rupa pakumpulan kasenian, di antarana: Jenaka Sunda "Kaca Indihiang" (1946), "Taman Murangkalih" (1948), "Taman Cangkurileung" (1950), "Taman Setiaputra" (1950), "Kliningan Ganda Mekar" (1950), "Gamelan Mundinglaya" (1951), jeung "Taman Bincarung" (1958).

Karya cipta kawihna teu kawilang lobana anu dikumpulkeun dina buku-buku boh anu kungsi diterbitkeun atawa anu masih mangrupa naskah-naskah, di antarana: "Resep Mamaos" (Ganaco, 1948), "Cangkurileung" (3 jilid/MB, 1952), "Ganda Mekar" (Taraté, 1970),  jeung anu sajabana. Buku anu judulna Tjangkurileung/Cangkurileung, dina taun 1959 dijadikeun ngaran yayasan anu ditangtungkeun ku Mang Koko pikeun ngamekarkeun karawitan pikeun para pelajar, ti mimiti SD nepi ka SMTA.

Manéhna nangtungkeun sakalian jadi pupuhu munggaran di "Yayasan Cangkurileung" puseur, anu cabang-cabangna sumebar di lingkungan sakola-sakola sakuliah Jawa Kulon. Kacatet, geus aya 1.800 jalma anu narima sertifikat ti Yayasan Tjangkurileung salila dékadeu 1960-1970. Tuluy manéhna nangtungkeun tur jadi pupuhu Yayasan Badan Penyelenggara "Akademi Seni Karawitan Indonesia" (ASKI), Bandung (1971). Jeung ogé manéhna kungsi nerbitkeun kalawarta kasenian "Swara Cangkur
ileung
" (1970-1983).

Sajaba dina kawih, karya-karya manéhna anu satuluyna ogé aya dina widang seni drama jeung gending karesmén. Di palebah dieu kacatet aya sababaraha, saperti: "Gondang Pangwangunan", "Bapa Satar", "Aduh Asih", "Samudra", "Gondang Samagaha", "Berekat Katitih Mahal", "Sekar Catur", "Sempal Guyon", "Saha?", "Ngatrok", "Kareta Api", "Istri Tampikan", "Si Kabayan", "Si Kabayan jeung Raja Jimbul", "Aki-Nini Balangantrang", "Pangeran Jayakarta", "Nyai Dasimah".

Salila manéhna aya dina widang seni, upamana di antara taun 1950-1960, rata-rata Mang Koko bisaeun nulis tilu kawih unggal mingguna. Kurang leuwih aya kana 1000 mamaos Sunda anu geus dijieun ku manéhna. Salah sahijina nyaéta kawih Badminton nu diciptakeun dina taun 1943 anu kungsi kasohor, sumawona waktu olahraga bulu tangkis keur jaya-jayana kénéh.

Mang Koko narima loba pangajén, boh anu asalna ti pamaréntah, lembaga atawa organisasi masarakat (LSM), saperti: Piagam Wijayakusumah (1971), minangka pangajén pangluhurna ti pamaréntah puseur dina katégori "Sebagai Pembaharu dalam Bidang Seni Karawitan".

Salila hirupna, Mang Koko téh katelah jalma anu soléh jeung soméah ka sasaha baé, manéhna teu kawilang gedé jasana pikeun seni jeung kabudayaan sunda ti mimiti manéhna lulus sakola nepi ka manéhna maot tanggal 4 Oktober 1985 dina umur 68 taun.

 

Minggu, 09 Mei 2021

Biografi Koko Koswara (Mang Koko) dalam Bahasa Sunda Hormat


Foto Mang Koko
Foto Mang Koko
    Koko Koswara atanapi sering disebat minangka Mang Koko, anjeunna mangrupi salah sawios seniman sunda anu teu kinten seueur karyana dina widang seni sareng budaya sunda. Anjeunna gumelar di Indihyang, Tasikmalaya dina kaping 10 April 1917. Tuang ramana masih kénéh katurunan Sultan Banten nyaéta Sultan Hasanuddin. Mang koko ogé kalebet jalmi anu ta’at tur patuh kana ajaran Islam.

Atikan anjeunna dikawitan ti sakola HIS dina warsih 1932 dugi ka MULO Pasundan warsih 1935. Saparantos éta anjeunna ngawitan damel dina warsih 1937 di sawatawis tempat, di antawisna di Balé Pamulang Pasundan, Paguyuban Pasundan, De Javasche Bank, Surat Kabar Harian Cahaya, Harian Suara Merdeka, Jawatan Penerangan Provinsi Jawa Barat, guru anu saterasna janten Direktur Konservatori Karawitan Bandung (1961-1973) sareng Dosen Luar Biasa di Akademi Seni Tari Indonesia (ASTI) Bandung (danget ieu dipikauninga minangka Sekolah Tinggi Seni Indonesia Bandung).

Bakat senina ngocor ti tuang ramana anu kacutat minangka juru mamaos Ciawian sareng Cianjuran. Ti kawit anjeunna alit kénéh ogé anjeunna parantos wanoh kana sawatawis alat musik sapertos Suling, Gitar sareng Biola anu dipikagungan ku tuang ramana. Anjeunna ogé diajar ti sawatawis seniman sunda anu kawentar diantawisna anjeunna kantos diwulang ku Raden Machjar Angga Koesoemadinata (salah sawios ahli musik).

Mang koko dipikauninga minangka panaratas dina ngadegkeun mangrupi-rupi pakempelan kasenian, di antawisna: Jenaka Sunda "Kaca Indihiang" (1946), "Taman Murangkalih" (1948), "Taman Cangkurileung" (1950), "Taman Setiaputra" (1950), "Kliningan Ganda Mekar" (1950), "Gamelan Mundinglaya" (1951), sareng "Taman Bincarung" (1958).

Karya cipta kawihna teu kinten seueurna anu dikempelkeun dina buku-buku boh anu kantos dipedalkeun atanapi anu masih mangrupi naskah-naskah, di antawisna: "Resep Mamaos" (Ganaco, 1948), "Cangkurileung" (3 jilid/MB, 1952), "Ganda Mekar" (Taraté, 1970),  sareng anu sajabina. Buku anu judulna Tjangkurileung/Cangkurileung, dina warsih 1959 dijantenkeun nami yayasan anu diadegkeun ku Mang Koko kanggo ngembangkeun karawitan kanggo para pelajar, ti kawit SD dugi ka SMTA.

Anjeunna ngadegkeun sakantenan janten pupuhu munggaran di "Yayasan Cangkurileung" puseur, anu cabang-cabangna sumebar di lingkungan sakola-sakola sakuliah Jawa Kulon. Kacutat, parantos kasondong 1.800 jalmi anu nampi sertifikat ti Yayasan Tjangkurileung salami dékade 1960-1970. Teras anjeunna ngadegkeun tur janten pupuhu Yayasan Badan Penyelenggara "Akademi Seni Karawitan Indonesia" (ASKI), Bandung (1971). Miwah anjeunna kantos medalkeun majalah kasenian "Swara Cangkur
ileung
" (1970-1983).

Sajabi dina kawih, karya-karya anjeunna anu salajengna ogé kasondong dina widang seni drama sareng gending karesmen. Di leresan dieu kacutat nyondong sawatawis, sapertos: "Gondang Pangwangunan", "Bapa Satar", "Aduh Asih", "Samudra", "Gondang Samagaha", "Berekat Katitih Mahal", "Sekar Catur", "Sempal Guyon", "Saha?", "Ngatrok", "Kareta Api", "Istri Tampikan", "Si Kabayan", "Si Kabayan jeung Raja Jimbul", "Aki-Nini Balangantrang", "Pangeran Jayakarta", "Nyai Dasimah".

Salami anjeunna nyondong dina widang seni, upamina di antawis warsih 1950-1960, rata-rata Mang Koko tiasa nyerat tilu mamaos unggal minggonna. Kirang langkung aya kana 1000 mamaos Sunda anu parantos didamel ku anjeunna. Salah sawiosna nyaéta mamaos Badminton nu diciptakeun dina warsih 1943 anu kantos kasohor, sumawonten waktos olahraga bulu tangkis nuju jaya-jayana kénéh.

Mang Koko nampi seueur pangajén, boh anu kawitna ti pamaréntah, lembaga atanapi organisasi masarakat (LSM), sapertos: Piagam Wijayakusumah (1971), minangka pangajén pangluhurna ti pamaréntah puseur dina katégori "Sebagai Pembaharu dalam Bidang Seni Karawitan".

Salami jumenengna, Mang Koko téh katelah jalmi anu soléh sareng soméah ka sasaha baé, anjeunna teu kinten ageung jasana kanggo seni sareng kabudayaan sunda ti kawit anjeunna lulus sakola dugi ka anjeunna ngantunkeun kaping 4 Oktober 1985 dina yuswa 68 warsih.

 

Biografi Koko Koswara (Mang Koko) dalam Bahasa Sunda Loma

Foto Mang Koko     Koko Koswara atawa mindeng disebut minangka Mang Koko, man éh na mangrupa salah sahiji seniman sunda anu teu kawilang l...